40 Ucapan Idul Fitri 2026 Bahasa Sunda, Kata-kata Maaf dan Wilujeng Boboran Penuh Makna
Heriani AM March 21, 2026 03:15 PM

TRIBUNKALTIM.CO - Hari Raya Idul Fitri 2026 menjadi momentum penting bagi umat Islam untuk mempererat silaturahmi setelah menjalani ibadah puasa selama Ramadan.

Salah satu tradisi yang tak terpisahkan dari perayaan ini adalah halal bihalal, yang dilakukan mulai dari lingkungan keluarga hingga perkantoran.

Halal bihalal tidak sekadar menjadi ajang berkumpul, tetapi juga sarana saling memaafkan dan memperbaiki hubungan antarsesama.

Tradisi khas Indonesia ini terus dijaga karena dinilai mampu memperkuat nilai kebersamaan dan persatuan di tengah masyarakat.

Baca juga: Salat Idul Fitri 2026 di Halaman Polresta Balikpapan Berlangsung Khusyuk, Diikuti Ribuan Jemaah

Ucapan selamat lebaran dan ucapan mohon maaf dalam Bahasa Sunda adalah Wilujeng Boboran.

Kamu bisa membagikan ucapan selamat lebaran dan kata-kata maaf Bahasa Sunda ke keluarga hingga teman di grup WA atau platform media sosial lainnya.

Seperti dibagikan di status WhatsApp, Facebook, Instagram hingga Twitter (X).

Berikut Tribunjabar.id himpun 40 kata-kata maaf dan ucapan selamat lebaran 2025 dalam Bahasa Sunda, dilansir dari sundapedia.com dan berbagai sumber lainnya.

#1 “Wilujeng boboran siyam. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari.”

#2 “Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeng Idul Fitri 1446 H, sim kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan.”

#3 “Taqqobalallahu minaa waminkum. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1446 H.”

#4 “Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1446 H. Taqqobalallahu minaa waminkum”

#5 “Wilujeng boboran Siam 1446 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.”

#6 “Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1446 H, neda sihapunten.”

#7 “Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran Siam 1446 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.”

#8 “Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#9 “Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam ”

Baca juga: 5 Contoh Undangan Halal Bihalal Idul Fitri 2026 untuk Keluarga, RT/RW, dan Kantor

#10 “Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.”

#11 “Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1446 H.”

#12 “Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.”

#13 “Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.”

#14 “Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana wa shyiamakum. Wilujeng Boboran ( selamat lebaran)

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1446 H ieu. Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.”

#15 “Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.

Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.

Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapunten samudaya kalepatan.”

#16 “Taqqobalallahu Minna Wa Minkum. Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih.

Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan. Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa.

Wilujeng Boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.”

#17 “Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi

Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun: Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.

Wilujeng Boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.”

#18 “Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.

Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri.

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1446 H. Hapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.”

#19 “Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa

Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1446 H. Hapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.”
 
#20 “Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging 

Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura. 

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1446 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#21 “Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah.

Wilujeng boboran Idul Fitri 1446 H, Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.”

Baca juga: Masjid Al Aqsa Ditutup Saat Idul Fitri 2026, Pertama Sejak 1967, Picu Kecaman Dunia

#22 “Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng Boboran Idul Fitri 1446 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#23 “Ngahaturkeun Wilujeung Boboran Idul Fitri 1446 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados. Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#24 “Wening galih nu dipamrih, Jembar panalar nu diteda, Kana laku nu teu luyu, Kana lampah nu sulaya.

Wilujeng boboran 1446 H.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum”
 
#25 “Nyucruk laku sunnah Rasul, Mapay lacak agama Islam.

Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Idul Fitri 1446 H”

#26 “Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi.

Wilujeng boboran 1446 H, nyuciken diri ka Illahi. Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.”

#27 “Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur

Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#28 “Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#29 “Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Bilih aya luhur saur bahe carek, tutur nu te kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah.

Dina dinten nu pinuh barokah ieu hayu urang silih hapunten lahir batin. Wilujeng boboran Idul Fitri 1446 H.”

#30 “Taqqobalallahu minna wa minkum.

Rumaos diri seueur kalepatan, neda pangapunten anu sa ageung-ageungna. Tina samudaya lepat boh nu dihaja anatapi nu teu dihajana. Wilujeng boboran Idul Fitri 2025.”

#31 “Taqqobalallahu minna wa minkum.

Neda dihapunten samudaya kalepatan, nu dihaja sinareng henteu dihaja.

Mugia ibadah urang salawasna aya dina kamulyaan. Aamiin ya Rabbal'alamiin. Wilujeng boboran Idul Fitri 2025.”

#32 “Bilih kantos nyungkelit kana ati, kirang merenah dina manah.

Kabadug rasa dina basa, atanapi kasindri sampir pribados.

Mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.

Wilujeng boboran Idul Fitri 2025.”

#33 “Taqqobalallahu minna wa minkum

Wening galih jembar manah nu kasuhun.
Neda sing hapunten, rehna mayunan sasih saum.
Mugi ibadah saum kenging hidayah sareng barokah, oge ayadina karidoan Allah SWT Aamiin.

Wilujeng boboran Idul Fitri 2025.”

#34 “Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.


Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.”
 
#35 “Taqqobalallahu minna wa minkum. Wilujeng Boboran Idul Fitri 2025. Hampura sim abdi tina samudaya kalepatan sareng kakhilafan, mugia manah urang sadaya dipaparin nikmat sareng balik ka fitri.”

#36 “Jati diri nu suci rasa jiwa anu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku imantaqwa nu antukna nuda kanyaah nyimpen kadeudeuh.
Silih hampura ka papada jalma. Panuhun hapunten sadaya.”

#37 “Taqqobalallahu minna wa minkum.

Nyuhunkeun di hapunten sanes kusabab anjeunna ngarasa leres sareng anjeun salah, tapi kusabab haté anjeun langkung berharga tibatan ego anjeun. Hayu urang silih hampura,

Wilujeng Boboran Idul Fitri 2025.”

#38 “Taya basa nu bisa direka.
Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur.
Lintang ti kedalna ucapan Taqqobalallahu minna wa minkum, neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#39 Cai soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan. 

Wilujeng Boboran Idul Fitri 2025. Taqqobalallahu minna wa minkum.

#40 Wilujeng Boboran Siam 1 Syawal 1446 H. Minal Aidin wal Faizin. Neda dihapunten abdi tina samudaya kalepatan. Mugia urang sadaya balik kana manah anuh suci. (*)

Artikel ini telah tayang di TribunJabar.id dengan judul 40 Kata-kata Maaf Ucapan Selamat Lebaran 2025 Bahasa Sunda, Bagikan di Grup WA Keluarga dan Teman.
© Copyright @2026 LIDEA. All Rights Reserved.