Contoh Teks MC Munggahan Sambut Ramadhan 2026 dalam Bahasa Sunda, Lengkap Mukadimah
January 20, 2026 09:11 PM

TRIBUNJABAR.ID - Memasuki bulan Syaban, masyarakat biasanya mulai mengadakan acara munggahan sebagai cara menyambut Ramadhan.

Munggahan adalah tradisi masyarakat Islam, khususnya suku Sunda untuk menyambut datangnya bulan suci Ramadhan.

Secara etimologi, kata "munggahan" berasal dari bahasa Sunda unggah yang berarti naik. Maknanya adalah naik ke bulan yang suci atau meningkatnya derajat kehidupan spiritual seseorang.

Tradisi ini biasanya digelar oleh kelompok keluarga, komunitas, rekan kerja, hingga pertemanan pada pertengahan hingga akhir bulan Syaban.

Kegiatan dalam munggahan ini biasanya makan bersama, silaturahmi, berziarah kubur, hingga bersedekah.

Meskipun berawal dari tradisi Sunda, munggahan belakangan juga diikuti oleh masyarakat lainnya.

Adapun, Ramadhan 1447 H diperkirakan akan jatuh pada pertengahan Februari 2026, yang artinya masyarakat bisa mulai mempersiapkan acara munggahan.

Berikut adalah contoh teks MC acara munggahan dalam bahasa Sunda lengkap dengan mukadimahnya:

Baca juga: Jadwal Tarawih Pertama Ramadhan 2026, Tinggal Menghitung Hari

1. Bubuka (Pembukaan)

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillahi rabbil 'alamin, wabihi nasta'iinu 'alaa umuuriddunya waddiin. Wassholatu wassalamu 'ala asyrafil mursaliin, wa 'alaa aalihi wa sohbihi ajmain. Amma ba'du.

Langkung ti payun, hayu urang sanggakeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, jalaran ku rahmat sareng hidayah-Na urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina kaayaan sehat walafiat.

Shalawat miwah salam mugia salamina kacurahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, anu parantos ngalungsurkeun ajaran Islam ka umatna dugi ka akhir zaman.

Tepangkeun wasta sim kuring [Sebutkan nama MC], anu badé mandu acara munggahan dina dinten ieu.

Supados ieu acara lungsur-langsar sarta kénging berkah ti Allah SWT, hayu urang kawitan ku ngaos basmalah sasarengan.

--- Membaca basmalah bersama-sama ---

2. Ngaos Ayat Suci Al-Quran

Acara salajengna nyaéta ngaoskeun ayat suci Al-Quran sarta hartosna anu badé dingaoskeun ku Sadérék [Sebutkan nama]. Ka Sadérék [Sebutkan nama], mangga dihaturanan.

--- Membacakan Ayat Suci Al-Quran ---

Maha leres Allah ku sagala firman-Na, mugia boh anu ngaoskeun sareng anu ngadangukeun kénging ganjaran ti Allah SWT.

3. Pangbagéa (Sambutan-sambutan)

Salajengna, nyaéta pangbagéa ti kersana pupuhu palaksana acara munggahan dinten ieu, nyaéta Bapak/Ibu [Sebutkan nama]. Kasumpingannana mangga dihaturanan.

--- Menyampaikan Sambutan ---

Baca juga: Apakah Ada Puasa di Bulan Syaban dan Menjelang Ramadhan 2026 yang Dikerjakan Umat Muslim?

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu [Sebutkan nama] kana pangbagéana.

4. Tausiyah

Hadirin sadaya, hayu urang bandungan tausiyah minangka bahan renungan kanggo urang sadaya dina raraga mapag sumpingna bulan suci Ramadhan 1447 H.

Tausiyah ieu badé didugikeun ku [Sebutkan nama], anu mangrupikeun [Jelaskan profil singkat].

--- Menyampaikan Tausiyah  ---

Hatur nuhun ka kersana [Sebutkan nama], kana tausiyahna, mugia tiasa janten bahan renungan kanggo urang sadaya dina kasempetan dinten ieu.

5. Doa Sasarengan

Hadirin sadaya, sateuacan urang neraskeun ka acara inti nyaéta botram atanapi tuang sasarengan, langkung saé upami urang sakedap tungkulkeun mastaka bari neneda ka Allah SWT.

Ngaos doa baris dipimpin ku [Sebutkan nama], kasumpingannana mangga dihaturanan.

--- Membacakan Doa ---

Hatur nuhun ka kersana [Sebutkan nama], mugia doa urang sadaya diijabah ku Allah SWT.

6. Tuang Sasarengan (Makan Bersama)

Salajengna, sim kuring mangga ngahaturanan ka para hadirin sadaya kanggo ngaraosan katuangan anu parantos disayagikeun.

Mugia ieu momen tiasa janten ngaraketkeun tali silaturahmi urang sadaya.

Wilujeng tuang.

--- Makan Bersama ---

7. Panutup

Hadirin réngréngan réncang padamel sadaya, teu karaos urang parantos dugi ka panungtung acara munggahan mapag Ramadhan 2026.

Sim kuring salaku MC nyuhunkeun hapunten bilih salami mandu ieu acara aya cariosan anu kirang merenah, boh anu dihaja atanapi anu teu dihaja.

Hayu urang tutup ieu acara ku aosan hamdalah sasarengan, (Alhamdulillahirabbil'alamin). Sakitu anu kapihatur.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

© Copyright @2026 LIDEA. All Rights Reserved.