TRIBUNJABAR.ID - Inilah contoh teks sambutan tuan rumah halal bihalal keluarga menggunakan bahasa Sunda dalam momentum Idul Fitri 2026.
Umat Islam sedang berbahagia merayakan Idul Fitri 1447 H yang bertepatan pada Sabtu (21/3/2026).
Momen Lebaran ini dimanfaatkan oleh kaum Muslimin untuk saling mengampuni dan mempererat tali silaturahmi antaranggota keluarga, termasuk melalui tradisi halal bihalal.
Pada umumnya, kegiatan halal bihalal dilangsungkan selama bulan Syawal sebagai sarana berkumpulnya keluarga besar maupun kelompok yang belum sempat bertatap muka di hari raya.
Dalam agenda halal bihalal keluarga, tiap-tiap anggota keluarga biasanya mendapat giliran untuk bertindak sebagai penyelenggara.
Selaku tuan rumah, utusan dari keluarga terkait nantinya akan menyampaikan kata sambutan di hadapan para tamu saat acara dimulai.
Berikut adalah contoh teks sambutan halal bihalal keluarga Idul Fitri 2026 dalam bahasa Sunda:
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh,
Baca juga: Contoh Teks MC Halal Bihalal Keluarga Idul Fitri 2026 Bahasa Sunda
Alhamdulillahirobbil’alamin, asyhadu alla ilaha illallah wa asyhadu anna muhammadar rasulullah. Allahumma shalli ala sayyidina Muhammad wa ala ali sayyidina Muhammad.
Langkung tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, jalaran ku nikmat sareng hidayah-Na, urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga Halal Bihalal Kulawarga [Sebutkan Nama Keluarga].
Sholawat sinareng salam mugi kacurahlimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, dugi ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir zaman.
Bapa, Ibu, sarta wargi-wargi sadaya anu ku simkuring dipihormat,
Simkuring atas nami pribadi sareng kulawarga, ngahaturkeun nuhun pisan ka saderek sadaya anu parantos kersa sumping ngaluangkeun waktos ka rorompok simkuring. Simkuring rumaos bingah pisan, ieu silaturahmi teh janten ubar sono, urang jarang patepang jalaran kasibukan masing-masing.
Dina momentum Idul Fitri 1447 H ieu, simkuring sakulawarga neda dihapunten samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan atanapi paripolah anu kirang merenah dina manah. Mugi ibadah urang di sasih Romadon kamari ditampi ku Allah SWT. Taqabbalallahu minna wa minkum.
Sajaba ti eta, simkuring oge nyuhunkeun hapunten saupami dina panampian, boh tempatna atanapi jamuanna, kirang nyugemakeun ka para wargi sadaya. Ieu mah mung sakadar tawis rasa sukur sareng kabingah simkuring janten pribumi dina dinten ieu.
Pamungkas, mugi ku ayana acara halal bihalal kieu, beungkeutan tali baraya urang sadaya kenging kaberkahan, langkung raket, sareng pinuh ku rasa deudeuh. Amin ya Rabbal Alamin.
Mugi acara dinten ieu lungsur-langsar dugi ka rengse. Mangga, wilujeng silaturahmi sareng wilujeng nikmati katuangan anu aya.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Baca juga: 6 Amalan di Bulan Syawal Bisa Dikerjakan Setelah Ramadhan dan Idul Fitri