Teks Khutbah Jumat 3 April 2026 Bahasa Sunda, Tema Bulan Syawal
Novaldi Hibaturrahman April 02, 2026 10:01 PM

Berikut teks khutbah Jumat 3 April 2026 tema bulan Syawal, dalam bahasa Sunda.

KHUTBAH PERTAMA

إِنَّ الْحَمْدَ لله نحمده ونستعينه ونستغفره، ونعوذ بالله مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فلا مُضِلُّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ
اللهم صل وسَلّمْ عَلى مُحمدٍ وعلى آله وأصحابه ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين.
أَشْهَدُ أَنْ لا إله إلا الله وحده لا شريك له، وأشهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُولُوا قَوْلا سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا

Sabab kalayan qudrat sareng iradatna, alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan umur dugika dinten iyeu, nyaeta dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan

Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman

Henteu aya anu langkung pantes dina kasempatan Jum'at ieu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na.

Para Hadirın Sidang Jumat Rahimakumullah

Satiap jalmi tangtosna pasti ngagaduhan kahayang, ngagaduhan cita-cita jeung rencana. Nanging henteu satiap kahayang, satiap cita-cita, jeung henteu satiap rencana urang tiasa kahontal ku urang. Terkadang urang mikahayang hiji perkara anu menurut urang sae, tapi ternyata anu datangna perkara anu lain, anu ku urang teu dipikaresep.

Lebah dieu urang ditungtut kudu sadar bahwa eta mangrupikeun salah sahiji ujian ti Allah SWT. Jeung urang kedah uninga, bahwa henteu satiap anu dipikahayang ku urang selalu sae dina pandangan Alloh SWT, mungkin wae bakal ngajadikeun kacilakaan atawa ngajadikeun kamadlorotan ka diri urang. Mungkin wae perkara anu datang ka urang bari

henteu dipikaresep, eta leuwih hade keur urang mungguh Alloh. Allah langkung uninga kana naon anu dibutuhkeun ku urang dina satiap waktu, nyaeta anu ku Alloh dipasihkeun ka urang.

QS Al-Baqoroh; 216: Boleh jadi kamu membenci sesuatu, padahal ia amat baik bagimu. dan boleh jadi (pula) kamu menyukai sesuatu, padahal ia amat buruk bagimu; Allah mengetahui, sedang kamu tidak mengetahui.

Jadi dimana hiji waktu urang ngusahakeun hiji perkara, terus dibarengan ku ngadoa ka Alloh, bari dibarengan ku kayakinan yen Alloh bakal ngabulkeun kana doa urang, tapi anu datang ternyata henteu sesuai jeung anu dipenta ku urang. Eta lain harti Alloh henteu ngabulkeun, tapi Alloh ningali kana naon anu sabenerna dibutuhkeun ku urang.

Contona lamun urang nyaah ka anak, sagala anu diusahakeun ku urang eta pasti keur kapentingan anak, sedengkeun anak the umurna karek 5 taun, lamun eta anak menta duit keur jajan 10,000 pasti moal dibere sanajan aya. Tapi dimana eta anak geus manjing umur 17 taun, tong boro 10,000, menta 100,000 ge dibikeun. eta sababna urang sebagai kolot ngabogaan alesan anu teu kudu dibejakeun ka anak.

Nyakitu deui Alloh oge ngagaduhan rahasia anu urang henteu apal, naon sababna Alloh henteu masihan naon anu dipenta ku urang.

QS. Al Mulk; 14: Apakah Allah Yang menciptakan itu tidak mengetahui ? dan Dia Maha Halus lagi Maha Mengetahui?

Tapi terkadang urang sebagai manusa sok berburuk sangka ka Alloh, naha beut kiyeu, naha beut kitu ?, menta senang malah susah, menta naek gajih malah dipecat, menta naek jabatan malah turun, menta kakayaan malah jadi miskin. Eta mangrupakeun salah sahiji ujian

QS. Al ankabut; 2: Apakah manusia itu mengira bahwa mereka dibiarkan (saja) mengatakan: "Kami telah beriman", sedang mereka tidak diuji lagi?

Jadi dimana hıjı jalma menta kebaikan keur dirina, terkadang eta jalma sok diuji heula ku Alloh, nyakitu deui dimana hiji jalma dek ditingkatkeun darajatna ku Alloh, maka eta jalma bakal diuji heula ku mangrupa-rupa bentuk ujian, naha eta jalma the bakal tetep kuat dina iman ka Alloh, atawa bakal melemah, naha tetep bakal menta ka Alloh atawa bakal putus asa jeung euren ngadoana? Maka sing saha jalma anu lulus tina ujian, eta jalma bakal ditingkatkeun darajatna Henteu saeutik jalma anu tadina rajin sholat, leket ka masjid, rajin ibadah, tiba-tiba jadi ngedul, ninggalkeun sholat jeung ninggalkneun ibadah. Eta tandana jalma henteu lulus tina ujian. Maka dimana henteu lulus tina ujian, moal naek kelas, nyakitu. deui darajatna tetep didinya. Dawuhan Rasululloh

Sesungguhnya besarnya pahala tergantung dengan besarnya ujian, sesungguhnya, apabila Allah mencintai suatu kaum, maka Dia mengujinya. Siapa yang ridha dengan ujian itu, maka ia akan mendapatkan keridhaan-Nya. Siapa yang membenci ujian itu, maka ia akan mendapatkan kemurkaan-Nya. (HR. Tirmidzi dan Ibnu Majah)

Para Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah Ari ujian Alloh teh sanes ngan saukur musibah wungkul tapi seueur pisan bentukna, tiasa wae gering ku panyakit, kasusahan, kacilakaan, Kamiskinan, pangkat, jabatan, kapingpinan, kakuasaan, popularitas, bahkan kakayaan jeung kasenangan oge mangrupikeun ujian, Abdurrahman bin Auf kantos ngagambarkeun beuratna ujian anu ngajadikeun seueur jalmi henteu lulus tina eta ujian,

Kami diuji dengan kesusahan-kesusahan (ketika) bersama Rasulullah SAW dan kami dapat bersabar. Kemudian kami diuji dengan kesenangan-kesenangan setelah beliau wajat, dan
kami pun tidak dapat bersabar. (HR. Tirmidzi)

Dumasar eta hadits, tiasa ku urang kauninga, bahwa ternyata kakayaan jeung kasenangan teh sanes ukuran hiji jalma dimuliakeun ku Alloh, tapi mangrupikeun ujian keur eta jalma. Naha eta jalma teh tambah getol ibadahna atanapi jadi ngedul? Henteu sauetik jalma anu nalika diuji ku kamiskinan, eta jalma bisa sabar.

Tapi sawaktu dibere kakayaan jeung kasenangan, eta jalma poho ka Alloh. Singkatna naon wae anu perkara menimpa ka jalma muslim, dipikaresep atawa teu dipikaresep, senang atawa susah, boh kakayaan atawa kamiskinan, eta sadayana mangrupikeun ujian ti Alloh. jeung aya anu lulus aya nu henteu.

Para Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah

Selain sebagai ujian dimana urang ditimpa kasusahan jeung kasulitan bertubi-tubi, bari terus-terusan dina waktu anu panjang, urang oge perlu muhasabah, ngaji kana diri bilih aya hiji dosa anu ngajadikeun doa-doa urang henteu diijabah ku Alloh, diantawisna 10 dosa besar anu ngajadikeun jalma susah;

1. Dosa Syirik, nyaeta menyekutukan Alloh
2. Ninggalkeun kawajiban Shalat
3. Durhaka ka indung bapa
4. Zina
5. Rizqi anu Haram atanapi Nuang katuangan anu diharamkeun
6. Mabok atanapi minum khamar/minuman keras
7. Megatkeun Silaturrahim, diantawisna goreng jeung dulur, goreng jeung tatangga jeung sajabina.
8. Bohong atanapi kasaksian palsu atanapi Sumpah Palsu atanapi janji palsu sapertos Nadzar anu teu dilaksanakeun sareng sajabina
9. Kikir atanapi pelit, tara ngaluarkeun zakat jeung sedekah
10. Ghibah atanapi ngomongkeun kagorengan batur

Tah eta rupina 10 dosa besar anu ku urang kudu dijadikeun muhasabah dina diri urang. Terkadang jalmi terhindar tina sebagian dosa anu tadi, tapi henteu terhindar tinu lainna, sahingga eta jalma doana henteu ditarima ku Alloh. Maka eta jalma kudu tobat ka Alloh ku Taubatan nasuha, nyaeta tobat anu bener-bener kaduhung jeung moal ngalakukeun deui eta dosa.

Tapi lamun urang henteu rumasa ngalakukeun 10 dosa besar anu tadi, tapi urang masih keneh aya dina kasusahan, eta hartosna urang keur diuji. Maka kudu dihadapi kalayan sabar jeung pasrah diri.

QS Al-Baqoroh; 45: Jadikanlah sabar dan shalat sebagai penolongmu Dan sesungguhnya yang demikian itu sungguh berat, kecuali bagi orang-orang yang khusyu'

Ujian itu akan selalu menimpa seorang hamba sampai Allah membiarkannya berjalan di atas bumi dengan tidak memiliki dosa. (HR. Tirmidzi dan An-Nasai)

Mudah-mudahan urang salamina terhindar tina rupi-rupi dosa besar anu ngajadikeun hirup urang aya dina kasusahan, jeung doa urang henteu ditarima ku Alloh, jeung mudah-mudahan urang dipaparinan kakiatan sareng kasabaran dina narima ujian ti Alloh SWT. Aamiin.

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيمِ وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ

KHUTBAH KEDUA

الْحَمْدُ للهِ الَّذي أرسل رسوله بالهدى ودين الحق ليظهرة على الذين كُلِهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له، وأشهد أن محمدا عبده ورسوله باأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنتُمْ مُسْلِمُونَ بايُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُولُوا قولا سَدِيدًا * يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهُ ورسوله فقد فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا
اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آل سيدنا محمد، كما صليت وسَلَّمْت عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيم وعلى آل سيدنا إبراهيم، وبارك على سيدنا محمد وعلى آل سيدنا محمد كما باركت على سيدنا إبْرَاهِيم وعلى آل سيدنا إبراهيم، في العالمين إنك حميد مجيد، وارض اللهُمْ عَنْ خُلَفَائِهِ الرَّاشِدِينَ وعن أزواجه أنهات المؤمنين، وعن سائر الصحابة اجمعين، وعن المُؤْمِنِينَ وَالمُؤْمِنَاتِ إلى يوم الدين، وعَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِينَ
اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنَاتِ والمُسْلِمِين والمسلمات الأحياء منهم والأمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيعُ قَريبٌ شجِيبُ الدُّعَاءِ اللَّهُمَّ اجْعَلْ جَمْعنا هذا جَمْعًا مَرْحُومًا، وَاجْعَل تفرقنا مِنْ بَعْدِهِ تَقَرُّفًا مَعْصُومًا، وَلا تدع فيلا ولا معنا شَقِيًّا ولا محروما. اللهم إلا لسلك الْهُدَى وَالتَّقى والعفاف والغنى
اللهم إنا نسألك أن ترزق كلا منا لسنا صَادِقًا ذاكِرًا، وَقُلْنَا خَالِحًا مُبيِّنًا، وَعَمَلًا صَالِحًا رَاكِبًا وجها نافعا رافعا، وإيمانا راسِحًا ثابتا، ويقينا صادقا خالصا، ورزقا حلالا طيبا واسعا، يا ذا الخلال والإكرام
رَبَّنَا اغْفِر لنا ولإخوابنا الذين سبقونا بالإيمان ولا تجعل في قلويت علا لِلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوتُ رَحِيمٌ رَبَّنَا لا تواجدنا إن نسينا أو أخطأنا ربنا ولا تحمل علينا إصراً كما حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا ربَّنَا وَلا تُحَمِّلْنَا مَا لا طاقة لنا به واعف عنا واغفر لنا وارحمنا أنت مولانا فَالصَّرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ
رَبَّنَا لا تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا، وَهَبْ لنا من لدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنتَ الْوَهَّابُ
رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنفُسَنَا وَإِن لم تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُونَنَّ مِنَ الخَاسِرِينَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار
عِبَادَ اللَّهِ : إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِبْنَاءِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُونَ

Baca juga: Sholat Utaqo di Bulan Syawal, Sholat Sunnah Mutlak 8 Rakaat, Niat dan Tata Cara

Baca juga: Khutbah Jumat Minggu Ke-2 Syawal Edisi 3 Maret 2026 dalam Bahasa Jawa, Khidmat dan Menyentuh

Baca juga: Bacaan Niat Puasa Sunnah Senin Kamis Digabung Puasa Syawal 1447 Hijriyah Lengkap Tata Caranya

Ikuti dan bergabung di saluran WhatsApp Tribunsumsel

© Copyright @2026 LIDEA. All Rights Reserved.